
Title : Mumun
Artis : Doel Sumbang
Album : Pop Sunda
Lirik Lagu :
Loba nu nganjang ka Mumun
Loba nu resep ka Mumun
Loba nu bogoh ka Mumun
Loba nu gelo ku Mumun
Rumasa asep oge suka
Ngadadak ngagedur rasa cinta
Rumasa ngan asep rumasa
Rek naon anu disogrogkeun
Kurunyung oji jeung mercy
Jol udin mawa bmw
Datang dodo mawa volvo
Ana mawa toyota
Rumasa asep mah teu boga
Rumasa asep sangsara ku dunya
Rumasa modal ukur cinta
Di tambah nawaetu rek satia
Mumun milih mana
Mu mu Mumun milih saha
(kang asep tong cangcaya)
(mumun pasti milih didinya)
Ngaget bray dunia jadi caang
Asa ku garenah pipikiran
Sare tibra dahar mirasa
Nyata cinta teu kabeh ningali dunya